SELAMAT DATANG DI BLOG PEMERINTAHAN DESA PAMARAYAN - SELAMAT DATANG DI BLOG PEMERINTAHAN DESA PAMARAYAN DESAPAMARAYANDESA PAMARAYANSELAMAT DATANG DI BLOG PEMERINTAHAN DESA PAMARAYAN - SELAMAT DATANG DI BLOG PEMERINTAHAN DESA PAMARAYAN DESA PAMARAYAN: carita rakyat pamarayan (ki damsik jeung nyi jerah)

Cari Blog Ini

Senin, 26 Desember 2016

carita rakyat pamarayan (ki damsik jeung nyi jerah)

Sasakala urang cai di pamarayan 

Tina tiap zaman aya nu ngeusian hiji lalakon, lakon nu digawean ku masing-masing manusa ngalahirkeun ciri atawa karakter.Karakter jadi budaya tina kahirupan sosial. Kokolot baheula umumna di nusantara ges ngawariskeun budaya, adat istiada, tatakrama, nu macem-macem. Biasana masarakat baheula boga cairta nu ngenaan jeng hiji tempat, boh di gunung, laut, atawa tina walungan. Jadi lobana carita tikolot baheula nu kadang aya nilai mitosna dicaritakeun ti hiji generasi ka generasi. Teu terkecuali carita atanapi sasakala urang cai di pamarayan. Ciujung jeng masarakat pamarayan teu bisa dipisahkeun, sabab ku masarakat tibaheula geus dipake ku macam-macem kaperluan sapopoe.Ciujung ges ngilu ngaramekeun carita tibaheula ngenaan tokoh-tokoh karuhun.
Tina raraga ieu, deuk dipentaskeun hiji carita rakyat nu katelah di pamarayan jeng sakitarna ngenaan sasakala urang cai . Jaman baheula aya hiji raja nu kacida saktina, raja didieu nyaeta rajana urang cai kaum nu benten alam jeng manusa. Raja ieu ngagaduhan putri nu dipake pikanya’ah, ku nyaah-nyaahna sagala pamenta putri teh teu aya nu di pungpang. Estu dihayukeun pisan. Dina hiji dinten, putri aya pamundut, atanapi kahayang, katingalna teh se’eur ngalamun, sampe hiji mangsa ku raja ditaros

Raja: “Nok,kunaon maneh kubeuki ngahuleung?” Si putri teu langsung wakcabalaka kanu boga bapak, cicing weh teu ngaku mun boga kahayang tea,. Ngan eta raja cicing-cicing curiga ningali kana tingkah polah si putri tea nu beuki lila beuki ngahuleung. Dilian tempat, aya hiji lalaki anu gagah, keur migawe di kebon sisi ciujung, rupina lalaki eta keur bari tirakat, ngamalan hiji perkara. Unggal poe eta si lalaki macul dina kebon sisi ciujung. Lalaki nu di maksud the arana damsik. Ki damsik dikisahkeun sebagai lelaki nu rajin, ibadahna, gagawena, jeng sajabana.
Dinten ka dinten anjeuna hayu weh migawean kebon tea, sampe anjeuna teu sadar keur diperhatikeun ku putri raja urang cai. Hiji mangsa siputri teu tahan hayang wakcabalaka ka bapakna, yen putri teh ngagaduhan karesep ka lalaki nu ker migawe dina kebon sisi cai nu teu lian nyaeta ki damsik. ahirna siputri ngomong ka bapakna.
Putri : “ bapak,
Raja : Aya naun Nok?
Putri : kamari bapak nananya ka abdi gaduh pamikiran naon nu nyababkeun abdi loba ngahuleung, abdi arek carita ngan bapak moal marah kan?
Raja : Moal, hayu geura carita aya pikahayang naon maneh,
Putri : abdi resep kana lalaki nu keur migawe disisi ciujung,
Raja : oh jadi eta nu nyieun anjeun ngalamun teu ngeunah cicing teu ngenah dahar unggal poe?
Putri : Muhun bapak,
Raja : heeh ai kitu mah, bere bapak waktu, anjeun ulah khawatir, ke ku bapak disampeuran si lalaki eta.
Tuluy si raja sidakep bari mikir, mikiran kumaha cara ngahareupan eta lalaki nu teu lian lalaki tea ki damsik tina golongan manusa. Geus kitu si raja mutuskeun pikeun ngaharepan eta ki damsik. Sementara itu, ki damsik masih macul sapertos biasa. Teu lila datang aki-aki mawa rantang nu eusina kadaharan. Aki-aki tidieu teh nyaeta Raja nu ngarupakeun jadi aki-aki.
Aki aki : assalamu alaikum
Kidamsik: waalaikumsalam
Aki Aki : nepangkeun kula hoyong silaturahim
Kidamsik : mangga kai,
Aki aki : saha ngaran teh
Kidamsik : abdi damsik
Aki aki : kaula nyanggakeun,ieu sakedik katuangan
Kidamssik : manga ku abdi di tampi Gancang cerita si raja pamit ninggalkeun ki damsik. tidinya kidamsik, ges ngarasa lain, anjeuna nganyahokeun yen tadi tamu the lain jalma ti bangsa manehna. Tuluy anjeuna neruskeun pagawean na tanpa ngadahar nu di pasihkeun ku raja tadi. Kusabab raja cai tea nempo eta kadaharana teu didahar, terus raja cai tea nepungan deui bari jeng make wujud aki-aki doang jelema biasa. Sakumaha nu ges dipilampah tiheula akiaki tea datang deui bari jeng mawa rantang mawa dahareun, barang datang ka saung ki damsik tuluy
Aki Aki : asalamualaikum
Damsik : walaikumsalam, (tidinya kidamsik ereun maculna), aya naon ki ja nggeus duakali nepungan kami?
Aki aki : ieu kami teh keur salametan sidekah kami teh hayang kadahar kumaneh,
Damsik : simpen bae ki dina saung.
Ngadenge jawaban kitu si aki aki bari kerung,
Aki aki :ai sabenerna manehteh boga maksud naoin sampe daharan kami nukamari teu didahar? Damsik : pangdaharan abdi teu didahar nukamari, pan kami teh keur tirakat, keur aya nu teu didahar kukami,
Aki aki : ai tirakat, eta pagawean saha?
Damsik : pagawean para wali
Aki aki : ari pagawean parawali, pan meureun tangtu aya aturanana,
Damsik : memang aya ki, moal pati-pati digawean eta kukami mun teu aya aturana
Aki aki : ai aturanana model kumaha
Damsik : hiji, teu meuang sare ker tunduh, dua, teu meunang dahar keur lapar, tilu, teu meunang hayang komo embung, opat, teu meunang mukakeun rahasia batur, lima, teu meuanang nampik rejeki saetik,, genep, ker papangantenan teu menang sare salila 40 poe 40 peting,
Barang aki-aki ngadenge paraturan parawali tadi nu diucapken kidamsik, tuluy bari ngaheheh seuri, aki-aki malik nanya deui,
Aki aki : tah lamun bener eta pagawean parawali eta jiga kitu, kunaon pangiriman kami nuteiheula teudidahar? sebab cek pamikir aki mah pan ceuk manehteh tadi ceuk maneh teu meuang nampik rejeki saetik, naon maneh the hayang dikiriman nu leuwih loba, kupedah aki teu boga ja ngan sakitu ayana?
Ngadenge pertanyaan si aki-aki tadi ki damsik nghuleng. (na pamikirana : heeh nya kunaon kamari pamere si aki tea teu didahar, sarua jeng aing the nampik rejeki saetik) akhirna kidamsik ngadahar naon anu di anterkeun ku aki-aki.
Damsik : ki ja aki teh dua kali kadieu, sabenerna aki the boga pamaksudan naon?
Aki aki : ceng, ai sabenerna aki teh boga maksud, yen aki datang kadieu teh rek menta tulung kusabab anak aki awewe, ceurik bae, boga karep hayang ngajodo ngarumah tangga jeng aceng.
Ngedenge ucapan si aki tadi, kidamsik kaget.
Damsik : wah ki doangna, pamenta aki teh kula moal bisa nyumponan.
Aki-aki : wayahna ceng ieu mah, aki menta tulung, etamah rek sapoe tah duapoe tah, wayahna kahayang anak aki tea cumponan.
Ngadenge kitu kidamsik keukeuh nolak. Kusabab kidamsik nyahoeun yen siaki-aki the lain bangsa manusa.
Damsik : ki, pan kula ieu nolak kana pemanta aki. Pan aki the bangsa naon?
Aki-Aki : wayhahna rek sapoe duapoe geh ieumah laksanakeun bae,
Tina carita eta aki-aki keukeh maksa, kidamsik kekeh nolak. Tungtungna galungan ragot. Kusabab kidamsik boga pamake anu didasarna kutirakat tadi, eta galungan ragot the sampe tilu poe tilu peuting, anu akhirna ki damsik kagusur kacai.

Kusabab kidamsik kabawa ka alam jin, dialam jin teh geus sadia papanggungan sakumaha nu rek hajat kawinan. Kusabab kidamsik geus ngarasa eleh, terus nyanggupang daek kawin ngan aya pamenta. Nyaeta dimana isuk pageto kula hayang kawin kabangsa manusa, kabangsa kula, tong dicegah. Raja nganggupan pamenta kidamsik. tuluy ki Damsik hirup didaulat jadi Raja urang cai.

Gancang carita, dihiji lembur alam manusa dikampung baru aya tabu dimana tos papangantenan sare bareng jeng salaki teu menang ngangir dicai.  Sapertos pamenta kidamsik ka raja urang cai yen iraha bae hayang nikah jeung bangsana, nya eta bangsa manusa. Akhirna dihiji waktu aya pasangan tina bangsa manusa nu karak nikah, meunang babaraha poe si panganten anyar awewe nu teu lain nyaeta nyai jerah , ulin ka sisi cai,tuluy na lamban ngucang-ngucangken dua sukuna, laju gangir tidinya manehna aya nu narik terus aya numawa kajetro cai. Jalema geger nyai jerah panganten anyar leungit. Disiaran diteuleuman ku dulur, kukabeh masarakat tapi teu pangih, sampe ahirna jasadna muncul tuluy keleum, muncul deui, keleum deui nepi katilu kali. Ceuk nu nangkeup harita yen eta the tandana nyai jerah dipenta ku urang cai. Sampe ahirna nyai jerah di jadikeun ratu ngadampingan kidamsik. Laju nyai jerah mere wangsit lamun manehna ulah ditengan aingmah ges pindah alam.

Hampura kadulur-dulur bisi caritana aya nu nyimpang. hayu babrengan lestarikeun carita rakyat asli ti Pamarayan. 

2 komentar:

  1. keren ๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป๐Ÿ‘๐Ÿป

    BalasHapus
  2. Alhamdulilah carita rakyat ti Pamarayan ieu meskipun kurang akurat akan tetapi sudah memberikan pengetahuan.
    Terimakasih banyak untuk wawasan anak cucu kita karna memang benar adanya cerita itu sampai saat ini masyarakat Pamarayan masih mempercayai cerita Urang Cai,
    Semoga cerita Nyi Jerah dan Ki Damsyik ini menjadi sejarah yang harus kita lestarikan.

    BalasHapus